Pages

Senin, 10 September 2012

Contoh pidato bahasa sunda (Biantara)

"Ngaroko dikalangan pelajar"

assalamualaikum w.w.,
ibu guru nu ku sim kuring dipihormat,
rerencangan nu ku sim kuring dipikanya'ah

Puji sareng syukur urang panjatkeun kahadirat Allah s.w.t nu maha agung yen dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung dikelas anu dipikacinta.
Dina raraga ieu abdi bade biantara perkawis ''ngaroko dikalangan pelajar''. Perkawis roko tos teuasing ngadanguna kangge urang, nu utami ayeuna pelajar nu ngaroko ti tingkat SD dugi ka SMA.
aya sababaraha hal anu tiasa nyebabkeun pelajar teh ngararoko, diantawisna :
1. cobi-cobi nyaeta iseng nyobian lami lami janten kacanduan roko
2. pangaruh lingkungan, tiasa pangaruh ti lingkungan bumi,masyarakat, sareng sakola.
3. kirangna kasadaran, wawasan atawa pengetahuan kana kasehatan.
4. kirangna perhatosan tisepuhna
Rerencangan pangemut abdi kasimpulan tina masalah ieu teh ''kunaon pelajar teh ngararoko sateuacan waktosna?'' jawabana nyaeta balik deui kana dirina masing masing, pelajar anu sae nyaeta gaduh pamadegan anu tiasa dipertanggungjawabkeun. Tos jelas dina ajaran islam ge yen ngaroko teh makruh hukumna, saur kasehatan oge ngaroko teh tos jelas nimbulkeun rupa rupa panyakit.
Kukituna pelajar teh kedah gaduh pamandegan anu sae anu tiasa milih nu kedah dilakukeun sareng nu ulah dilakukeun, upami pelajar gaduh pamandegan sapertos kieu tangtos moal kalakukeun halhal nu tadi.
rerencangan, mung sakieu biantara perkawis ''ngaroko dikalangan pelajar'' ti abdi hapunten seueur keneh kalepatan sareng bahasa nu kirang merenah mugia diahapunten.
Wassalamualaiku W.W.






0 komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.

Blogroll

About

Blogger templates

 
@silverdc © 2008. Design: ~ Sweet Baby Girl